Kotak parabotBasa séjén
|
Wikipedia:Sawala
Arsip 1
HanjakalHanjakal pisan, nepi ka poé ieu (27 April 2005) nu ilubiung na Wikipédia Sunda, najan dina daptar mah aya nepi ka 49 urang, nu aktifna mah ukur hiji-dua. Padahal urang Sunda téh, ceuk statistik, jumlah-jamléh leuwih ti dua puluh yuta. Hal ieu, najan meureun baé bakal dianggap teu sohéh, sacara langsung nunjukkeun kualitas urang Sunda kiwari. Kapan cenah, IPM propinsi Jawa Kulon téh kaasup nu panghandapna sa-Indonésia. kandar 07:02, 27 Apr 2005 (UTC)
Siga na mah Kang Kandar, meureun urang sunda anu dua puluh yuta téh keur ngurus proyék sanés. "Ngurus ku ka éra" maké basa Sunda. padahal urang walanda di Leiden loba nu make basa Sunda. Stewards electionHello, The stewards election has started on m:Stewards/elections 2005. Anyone can vote provided that he has a valid account on meta with a link to at least one user page, on a project where the editor is a participant, with at least 3 months participation to the project. Stewards can give sysop right on projects where there are no local bureaucrate. Please vote ! Yann 18:01, 21 Méi 2005 (UTC) PS: Please translate this. Thanks. Yann 18:01, 21 Méi 2005 (UTC) Saémbara stewards-tarjamahPamilihan stewards geus dimimitian di m:Stewards/elections 2005. Sing saha baé, nu boga rekening & méré kontribusi ka méta sahanteuna tilu bulan, bisa sumbang sora. Stewards ieu bisa méré hak kuncén dina proyék nu teu mibanda birokrat lokal. Wilujeng milih!kandar 03:29, 22 Méi 2005 (UTC) Wikipedia BabelPunten, bade naros upami Wikipedia Sunda teh parantos gaduh kalimah pikeun Wikipedia Babel Sunda, sapertos di Wikipedia Indonesia
atawa Wikipedia Jawa
Hatur nuhun.
Sababaraha waktu ka tukang, Kang Iwan mitambeyan ngadamelan citakan babel ieu, katut kalengkepan séjénna. Nuhun pisan, Kang Iwan!! Ogé ka Kang Pamaké:Mssetiadi, nuhun pisan tos ngiring aub!! Kang Budhi ogé, wélkambék lah!!! Haneuteun ayeuna mah, teu geueuman kawas baheula... --kandar 16:35, 27 Juli 2006 (UTC) Voting on a minority language WikipediaHello everybody. I would like to ask everyone to vote at this poll: http://meta.wikimedia.org/wiki/Proposal_for_Sinitic_linguistic_policy#fff1ff_-_.E6.8A.95.E7.A5.A8 as it is of immediate concern to the friends of minority languages everywhere. NgeunaanWikipédia: Ngeunaan - Wikipédia:Ngeunaan?? --Hahah... Enya euy, bet nepi ka dobel kitu, padahal kuring sorangan nu nyieunna... Wikipédia: Ngeunaan bieu dihapus. Nuhun, Kang Robin! kandar 05:54, 15 Péb 2005 (UTC) Pitulung:Eusi = Wikipedia:Pitulung ??
Kamus onlineSaya lihat KAMUS ONLINE Basa Sunda bagus di: http://lssitb.f2o.org/kamus/?wk=KacaUtami >> Harap bisa membantu Terima kasih... Saya sendiri kurang fasih berbahasa Sunda, tapi kok banyak yang bahasa Inggris ya? Maaf saya sendiri tidak bisa membantu T_T Ya, memang kamus online tersebut sangat bagus, kalo nggak salah situs tersebut dikembangkan oleh DiN, salah satu kontributor Wikipedia juga. Kang Dian, di dieu mah (Korea Kidul), ngangge Mozilla Firefox sareng IE teu tiasa dibuka geuning tumbuna. Teu lepat? --Tedi 04:26, 2 Désémber 2007 (UTC)
OK deh. Tos kapendak --Tedi 13:30, 2 Désémber 2007 (UTC) Kalintang Bungah Pisan *o*[[Image:Duh, reueus pisan kuring salaku urang sunda, lantaran mibanda "KAMUS BASA SUNDA ONLINE". Tuh pan nyata, yen urang sunda teh palalinter, ceuk saha urang sunda teu gaul.]] KamilSiti Kumaha Carana Jadi KuncenKuring hayang pisan bisa ngisi artikel Basa Sunda tapi geus di teangan tapi teu bisa wae ? kumaha carana cing atuh bejaan, jeung ceunah kudu jadi kuncen heula, kumaha carana. Cing Atuh bejaan kuring, kuring oge hoyong ngesian artikel Basa Sunda. Bejaan atuh.
Keur Kandar ! (baca pesen urang hey ... Kandar !)Naha maneh wae nu jadi Kuncen teh ?, sim kuring oge urang Sunda, hayang atuh jadi Kuncen, bejaan atuh carana ! Inget "Ulah ngahapus Pérsib Bandung, lamun anjeun ngahapus Pérsib Bandung, berarti anjeun lain urang SUNDA !
Kuncen, kuncen. Abot Kang tugas kuncen teh (mssetiadi)... --tedi 12:33, 23 Agustus 2006 (UTC) Kahatur Kandar "KUNCEN"Pérsib téh idéntik jeung Bandung, ari bandung idéntik jeung Jawa Kulon, ari Jawa Kulon idéntik jeung SUNDA, kanggo Kandar cing atuh isi artikel Pérsib Bandung. Wasalam ti Bobotoh Pérsib tea : VIKING Ah, ceuk saha PERSIB identik jeung Sunda. Buktina geuning aya Bekamenga saparakanca, ari kitu Bekamenga teh urang Sunda ? Mutiara élmuUser:APH nyuratan ka kuring ngeunaan salasahiji proyék nu geus jalan di Wikipédia basa Inggris, nyaéta nu jejerna "Mutiara élmu". Proyék ieu dimaksudkeun pikeun ngadaptar publikasi hambalan-hambalan/panalungtikan-panalungtikan nu penting dina hiji widang élmu (mangga buka en:Wikipedia:WikiProject_Science_pearls). Bilih aya anu minat, dihaturan ngiring aub dina éta proyék, boh di Wikipédia basa Inggris, atuh komo mun haat narjamahkeun proyék éta kana basa Sunda mah... kandar 08:37, 22 Séptémber 2005 (UTC) Localized date formats need to be verifiedDear Wikipedians, I need your help to look at date formats for your language. I created a large list of formats here. Please take a look and fix any mistakes or add any new formats. This will help interwiki bot to match en:April 1, fr:1 avril, ru:1 апреля, zh:4月1日, and all other sites together. What's needed: Look here at every format for your language, fix any mistakes, note any exceptions (some languages have 1st, 2nd, 3rd, etc naming schemas, or year 1 is written as '1 (year)' unlike all other years). Also, I would like to receive a bot status on your site for my bot User:YurikBot. It will be mostly involved in interwikies. Thank you!!! You can contact me at en:Yurik (--70.192.56.68 22:33, 24 Séptémber 2005 (UTC)) Interwiki Bot StatusHi. I would like to get my interwiki bot YurikBot marked as a bot in your language. The bot is already operating in almost 50 languages, and it would lower the server load and improve the quality of articles if all interwikies are updated at the same time. You can read more or ask questions here. I always run the latest version of the Pywikipediabot (i am also one of the developers of this project). The request for the bot status is here. Please support. Thank you. --Yurik (en) 23:39, 5 Januari 2006 (UTC) Alih-aksara Latén pikeun aksara JepangKang Budhi, kuring rék nangtang yeuh... Wani teu nyusun tungtunan alih-aksara pikeun aksara Jepang kana aksara Latén/Romawi (Romaji?), tapi maké cara éjahan Sunda? Kajeun euweuh nu maké gé, heuheu... --kandar 16:31, 27 Juli 2006 (UTC) -- Lain teu wani, ngan teu bisa .. basa sunda na pabaliut, punten we pangmarioskeun nu tos ditarjamahkeun, ngarah raos nu macana -- budhi Kategori tulisan jepangdina masihan kategori tulisan jepang nu leres Sistem tulis Jepang atanapi Sistem tulisan Jepang, lajeng di Kategori:Japanese writing system kedah dipindahkeun sadayana/digentos!, supados sami sadayana. --° kang iwan ° 09:56, 30 Juli 2006 (UTC)
Panuju Kang ... "Sistim tulisan Jepang" --tedi 09:10, 30 Agustus 2006 (UTC) nyuhunkeun pitulungsim kuring nembean lebet kana ieu website, nyuhunkeun pitulungna kedah kumaha?
sarébu artikelWikipédia Sunda ayeuna geus nincak angka sarébu artikel... Ieu hasil taya lian ku sabab ayana pangrojong ti sadaya Wikipédiawan. Kang Budhi, Kang Iwan, kang MsSetiadi, kum ka sadayana, Wilujeng! Hayu urang sami2 ronjatkeun kualitas Wikipédia Sunda! Hidup Pérsib!!! Kang Iwan, rek numpeng di mana yeuh? Heuheu... --kandar 04:12, 2 Agustus 2006 (UTC)
Selamat Wikipedia bahasa Sunda sudah mencapai 1000 artikel, Slamet Serayu 00:28, 3 Agustus 2006 (UTC)
Edun, euy! Dina jangka kurang ti sabulan, artikelna nambahan leuwih ti satengah rebu (lima ratus maksudna mah). Hayo, Kang Tedi & Kang Iwan, hajar bleh!! Kang Budhi & Kang Dian, pami salsé ulah tinggaleun nya?!! --kandar 01:13, 30 Agustus 2006 (UTC) artikel nu kudu aya di unggal basaMun maca judul di luhur, artikel-artikel nu pakait atawa aya dina daptar eta, kudu aya meureun nya .. teras naon tah pangaruhna ? pami kitu, kumaha urang "rempug" heula we eta artikel, paling henteu aya saparagraf atawa dua heula mah ... budhi
Janteun KuncénKusabab didieumah teu acan aya kaca kango ngajukeun janteun kuncén, simkuring bade ngamimitian wae.
-- ° kang iwan ° ✍ 15:29, 17 Agustus 2006 (UTC) Satuju
Teu SatujuadministratorHello I made Irwangatot a sysop after his request on meta. If you have a problem with this, please tell us at http://meta.wikimedia.org/wiki/Requests_for_permissions Thanks Wilujeng, Kang Iwan. Wilujeng janten kuncén, wilujeng tambih pakepuk! Heuheu... --kandar 08:16, 8 Séptémber 2006 (UTC)
Kategori kacamatan jeung kalurahanKang Dian, Kang Iwan sareng sadayana ... Numutkeun sawala sareng Kang Dian, langkung sae dina unggal kaca kacamatan/kalurahan teh, kategorina maksimeum nepi ka 2 tingkat di luhureunnana.
Kategori: Kacamatan di Indonésia | Taratas kacamatan di Indonésia | Kacamatan di Jawa Barat | Kacamatan di Kota Bandung | Arcamanik, Bandung
Kategori: Taratas kacamatan di Indonésia | Kacamatan di Jawa Barat | Kacamatan di Kota Bandung | Arcamanik, Bandung
Kategori: Taratas kalurahan/désa di Indonésia | Kalurahan/désa di Indonésia | Kalurahan/désa di Jawa Barat | Kalurahan/désa di Kabupatén Majalengka | Kalurahan/désa di Majalengka, Majalengka | Kawunggirang, Majalengka, Majalengka
Kategori: Taratas kalurahan/désa di Indonésia | Kalurahan/désa di Kabupatén Majalengka | Kalurahan/désa di Majalengka, Majalengka | Kawunggirang, Majalengka, Majalengka
Katingalina mah tos OK
Sipp Kang, mangga dilajengkeun. Simkuring badé jalan-jalan heula ka Seoul ... cihuuiii (teu janten da teu aya rencangna, ngedit Wikipedia deui weh ah) --tedi 01:18, 16 Séptémber 2006 (UTC)
Nuhun Kang. Ka Kang Dian, kumaha, satuju teu? Kang, numutkeun pribados mah kategori ieu teu kedah dialihkeun. Janten hierarkina kinten-kinten kieu:
Janten, interpretasi simkuring mah, dua tingkat ka luhur teh dina unggal-unggal bagian administratifna, misalna Kacamatan, lebet kana kategori dugikeun ka Propinsi, upami desa mah dugikeun ka Kabupaten/Kota. Sedengkeun, susunan kategorina nyalira mah, tetep wae Kang, supados runtuy, engke upami aya nu milari Kategori Kalurahan/Desa di Indonesia, teu aya eusian pan, tapi sub kategorina pan Kategori Kalurahan/Desa di Jawa Barat, jst. Tah ti dinya nembe kapendak. Janten, eusina henteu kedah aya dina unggl tingkatan kategori, tapi kategorina nyalira tetep ngawangun susunan. Kumaha kinten-kintenna?--tedi 06:22, 16 Séptémber 2006 (UTC) Urang cobian : -- ° kang iwan ° ✍ 06:36, 16 Séptémber 2006 (UTC) Sip Kang. Perfect --tedi 06:53, 16 Séptémber 2006 (UTC)
Sapertos dina idwiki, nunjukkeun ngaran kacamatan teh ku "nami_kacamatan, nami_kabupaten". Janten weh kategorina oge sapertos kitu, numana "Kategori:Kalurahan/désa di Banjarwangi, Garut" hartosna "Kategori:Kalurahan/désa di kacamatan Banjarwangi, kabupatén Garut". Soal kategori pangtungtungna, rada bingung oge sih. Deuk diingkeun, engkena hese numbu ka luhurna ka mana. Lamun seug dijieun numbu ka kacamatan, jadi misalna "Kategori:Kalurahan/désa di Banjarwangi, Garut", engkena "Kategori:Kalurahan/désa di Banjarwangi, Garut" teh eusi subkategorina sarua jeung eusi artikelna. Tapi oge lamun seug deuk dipiceun, da dina artikel-artikel basa Inggris oge aya geuning Kang kategori sapertos kieu teh. Eusina engkena misalna aya ngeunaan "Walungan di Banjarwangi, Banjarwangi, Garut", "Sakola di Banjarwangi, Banjarwangi, Garut", jsb. --tedi 00:01, 10 Oktober 2006 (UTC)
Navigasi (tina kaca obrolan Kang Iwan)Naon atuh nya? Numawi diantep ogé, margi upami dibasaurangkeun mah, kamudi, atawa pelayaran geuning."Navy" = angkatan laut, "navigation" = pelayaran. Upami pituduh, ummm ... pituduh wae kitu? Pituduh teh pan hartosna "petunjuk", sedengkeun numutkeun simkuring mah: navigasi teh kirang langkung hartosna pelayaran atanapi metode nangtukeun posisi, arah, jsb keur nyukseskeun pelayaran, nu bisa diperluas jadi "pengemudian" (navigasional = berhubungan sareng navigasi). Pengemudian, sanaos rada rancu, sami sareng penunjukan panginten nya. Janten, navigasi kinten-kinten sami sareng panunjukan, panuduhan. Hasil tina panuduhan mangrupakeun pituduh, sedengkeun nu ngabantuan panuduhan, jadi panuduh. Tah, Citakan teh kalebet panuduh atanapi pituduh?. Ceuk kuring mah, upami henteu "Citakan panuduh" (templat penunjuk), tiasa "Citakan keur pituduh" (templat untuk mendapatkan petunjuk). Walopun, sabenerna mah navigation, -ion eta kan nunjukin pa-an. panunjukan atawa panuduhan. Bade nganggo Citakan panuduhan? Ah, rieut geuning ... Or should we leave it as is? Citakan navigasional wae? Rieut ... rieut ... --tedi 16:02, 17 Séptémber 2006 (UTC)
Dina hiji tulisan, asana mah dina PR nu ngabahas milangkala Kabupatén Kuningan, ahli sajarah Sobana Harjasaputra nyabit2 istilah prefecture. Saur anjeunna, wilayah administratip ieu téh sawanda jeung karésidénan di urang (jaman baheula). Naha badé dirobih janten karésidénan atanapi tetep préféktur? Mangga, teu langkung kasapukan baraya. --kandar 12:20, 19 Séptémber 2006 (UTC)
Mémang matak puyeng narjamahkeun téh, malah mun terus teuing dipikiran mah boa matak botak! Heuheu... Ngeunaan préféktur, ari ceuk Kang Budhi mah cenah mending angger waé kitu, sanajan sabenerna mah dina basa Jepangna mah "ken". Ngan, sigana, istilah préféktur ieu hadé dihijikeun dadaranana dina judul karésidénan (préféktur mah salaku kaca pangalihan baé). Tah, dina éta artikel karésidénan, dimuat ogé ngeunaan istilah2 anu dipikawanoh di sakuliah dunya, nu hartina sawanda. Ngeunaan "navigasi" atawa "pituduh", kumaha mun diganti ku "tuduh jalan"? --kandar 12:52, 19 Séptémber 2006 (UTC)
wikitableKamari ieu "plainlinksneverexpand" tos diaktifkeun ku Kang Iwan. "wikitable" kumaha? --tedi 09:35, 5 Oktober 2006 (UTC)
Teu acan tiasa Kang... Dicobian dina Transistor. Di idwiki, OK. Di enwiki, komo. Di suwiki, teu acan tiasa. Common tos dirobih, Monobook.js-na panginten? --tedi 13:14, 5 Oktober 2006 (UTC)
Kang, Firefox OK, Internet Explorer NG (Not Good). enwiki, dina Firefox atanapi IE, sami2 OK --tedi 13:32, 5 Oktober 2006 (UTC)
Tetep Kang, wikitable-na suwiki dina IE6.02 teu kaluar borderna ... Firefox OK. Anéhna, enwiki mah teu kunanaon dina bowser naon wae oge --tedi 14:38, 5 Oktober 2006 (UTC)
Ih si Akang ... Dina browser Akang, beres sadayana kitu? Dinu Kang Iwan, everything is OK. Dinu Firefox sayah ogé OK, tapi Internét Éxplorer 6.02 aya masalah, teu tiasa mrosés class="wikitable" "prettytable", dst, padahal ku Kang Iwan pan tos didéfinisikeun di MediaWiki:Common.css. Anggep lah, IE Koréa kuring teu standar, tapi kunanahaon enwiki jeung idwiki mah teu aya problemo. Tah, kumaha upami kitu? --tedi 20:04, 5 Oktober 2006 (UTC) Wikimania 2007 Team BulletinPublished by the Wikimania 2007 Taipei Team, Wikimania 2007 Team Bulletin provides the latest news of the Team's organizing work to everyone who is interested in Wikimania; it also gives the Team chances to announce calls for help/participation, so assistance in human and other resources can be sought in a wider range. Team Bulletin is published at the official website of Wikimania 2007 and released to the public domain. Issue 1 and Issue 2 has already published.--218.166.212.246 02:15, 29 Oktober 2006 (UTC) WhitespaceKang, ngangge pagefromfile.py kan aslina aya nami judul, upami teu diangge, jadina #000000space ... supaya teu nyababkeun eta kumaha nya? Thanks ... --tedi 06:06, 7 Nopémber 2006 (UTC)
Hehe, nuhun Kang. Atos da. Iya ti kapungkur oge tos diedit ... tapi file txt-na lepat nyerat. Kedahna xxxx '''Judul'''eusi yyyy Kamari saya nulisna: xxxx '''Judul''' eusi yyyy Thanks ya, --tedi 01:39, 8 Nopémber 2006 (UTC) Koordinasi Keur lumangsungBoga idé, dina citakan-citakan kerlumangsung per poé di jieun deui asupan keur poé ieu dina sajarah.. (supaya citakan ieu bisa dipaké teu ngan ukur sakali ditingalina)
diantosan kango nu sanes dugi ka 1 Désémber, upami teu aya waleuran, hanjakal pisan tue tiasa di proses, kumargi ngadamel portal kedah aya nu ngurus. (duaan mah asa teu paruguh weh abdimah) --° kang iwan ° ✍ 10:13, 10 Nopémber 2006 (UTC) Aduh... hampura, Lur... Rumasa tambelar... Lain pundung, da ari keur online mah kuring téh tara lésot ti Wikipédia Sunda. Tapi, minggu2 ieu téh, nyéta asa ku sibuk2 teuing. Dina satengah taun ieu, tilu urang staf noron kalaluar, jadi pagawéanana ragrag ka kuring. Heuheu... hiks... Ari rék nyobaan peuting, asa geus cararapé pisan, jadi wé unggal poé téh ukur noongan. sok atuh ah, ngarojong, kuring nembé ka dieu can apal seluk beluk na, mugia portalna janten, kang Kandar salaku kuncen di ieu tempat nu ngagegeuh diantos pisan. Mun teu sibuk mangga diantos ku sadaya ..... noong téh nikmat abdi ogé badé ngiringan tapi mun leuwih ngeunah mun nyabakan wikipedia he he.....Kang kandar sareng dulur sadaya mangga ngarojong pisan....mugia basa sunda beuki berkembang..... surélék @urang-sunda.or.idHususon kanggo para wargi kontributor aktif Wikipédia Sunda, kuncén surélék nu tungtungna @urang-sunda.or.id (ngindungna mah ka gmail) nawisan, bilih di antara para wargi aya nu hoyong gaduh. Mangga wartosan kuring (japri) katut alamat anu dipikahoyong. --kandar 13:40, 14 Nopémber 2006 (UTC)
ngiringan ah ngaramekeun ieu wiki basa sunda, mahyar_suryadi@yahoo.com..... upami saéna jeung potona nya Kang Kandar meh saé tur leuwih kenal.... dipiheulaan ku Kang Kandar heula atuh.....méjéngna.....HEHE... Naros judulNaoun nu cocog tur nyunda kango judul dina kaca Pamaké:Irwangatot/Bakpasir ? mun di id:Wikipedia:Pengumuman --° kang iwan ° ✍ 01:57, 21 Nopémber 2006 (UTC) Wikipedia:Béwara? Ehm, Kang Iwan, punten, gambar kuring mah teu kedah dipidangkeun sagala atuh... Heuheu... asin.. --kandar 09:52, 23 Nopémber 2006 (UTC)
Satuju, Wikipedia:Béwara. Gambar Kang Kandar wios atuh mejeng oge. Komo upami aya nu berwarnana mah --tedi 11:03, 23 Nopémber 2006 (UTC)
Kategorisasi Desasaacan kang Tedi neraskeun ngadamel wilayah nu sanes, urang rembugan heula nu bade didamel naon heula? .. (radah ripuh oge ningali sa jawa kulon meresannana)
--° kang iwan ° ✍ 21:47, 23 Nopémber 2006 (UTC)
Sanes tos aya dina babadamian struktur kategorisasina di Kategori_kacamatan_jeung_kalurahan? --kandar 03:16, 24 Nopémber 2006 (UTC)
milis su-wikiNgémut ku anggotana nu tos rada euyeub, sarta kagiatanana anu tos dimanis, nembé Kang Budhi ngusulkeun ngadamel milis (mailing list) kanggo koordinasi ieu WIkipédia. Nyarita kitu téh bari langsung prak Kang Budhi téh, anjeunna parantos ngadegkeun milis su-wiki@googlegroups.com. Ku kituna, ka para wargi kontributor Wikipédia Sunda, mangga diantos kasumpinganana. Mudah2an éta rohangan tiasa langkung ngaronjatkeun kagiatan, sabilulungan ngawangun Wikipédia. Mangga buka http://groups.google.com/group/su-wiki?lnk=li&hl=en (upami bade nganggo preferensi basa Sunda, mangga gentos "en" dina URL di luhur ku "su", atawa "id" (basa Indonesia). --kandar 15:43, 28 Nopémber 2006 (UTC) CountyBasa asing nu di-Sunda-keun, county apa counti ya? --Tedi 03:04, 2 Pébruari 2007 (UTC) mun teu lepat mah sakaterang sim kuring mah nya "counti" ku sabab konsonan y dina basa sunda teu aya.....
"dewegan" jeung "the gun"Ari basa Sunda dewegan miboga harti cai kalapa, naha bet disebut "dewegan" tur patalina jeung "The Gun". Asa hayang seuri, yén loba kecap basa sunda anu hubunganana jeung basa deungeun, salasahijina "dewegan". Ceuk sakaterang sim kuring ti ahli filologi tur carita kolot, baheula ari urang Walanda mun rék nginum cai kalapa téh teu bisaeun ngalana, ku lantaran apal lamun tangkal kalapa téh jangkung, akhirna urang walanda atawa menir némbak buah kalapa ku "the gun" nya éta péstol. Ari létah urang Sunda jeung urang Walanda apan béda, akhirna létah urang Sunda leuwih praktis nyebutkeun "dewegan" daripada "thé gun". Loba keneh kecap anu adaptasi jeung lingkungan sunda, tong jauh-jauh lah ayeuna-ayeuna, contona pamaèn Persib bandung anu katelahna "marcowy" (mun lepat lereskeun), ku sabab létah urang sunda leuwih ngeunah nyebut "Sarkawi" daripada "Marcowy", akhirna nu terkenalna ngaran "Sarkawi", geuning basa sunda téh teu katinggalan jaman tur kuat ngilu parobahan jaman ti waktu ka waktu..... sok atuh dulur sadaya aya nu mendakan deui kecap-kecap sunda anu unik? Disalin ti "http://su.wikipedia.org/wiki/Obrolan_Wikipedia:Sawala"
Hehehe, aya-aya wae Kang Mahyar mah geuning. Reference desk lamun di urang jadi meja rujukan kitu? Atawa bangku rujukan? --Tedi 20:13, 24 Maret 2007 (UTC)
Dipikir-pikir naha rumaja ayeuna loba nu make basa indonesia dina kahirupan sapopoe,pipikiran manehna mah meureun kampungan, asa ku éra pas pemilihan mojang-jajaka sunda nu teu bisa basa sunda komo kecap "dewegan" mah meureun moal aya nu terang, mojang-jajaka sunda kudu dikursuskeun heula basa sunda ka Walanda ka Leiden, nyarakeun nya hiji mangsa urang sunda bakal kursus basa sunda ka urang barat asa ku era...batur jauh-jauh néangan élmu ka bangsa urang ayeuna urang tibalik diajar ka bangsa batur, kawas baheula Malaysia diajar ka indonesia, ayeuna tibalik urang Indonesia diajar ka Malaysia, mugia ka hareupna basa sunda tetep jadi basa indung....kumaha atuh tarékah urang sangkan teu kitu..."mangga ka urang sunda hususna rumaja sunda!! nyarios ku Sunda, di Leiden oge apan seeur nu tiasa basa "SUNDA", teu isin kitu para mojang jeung jajaka. Artikel & gambar petinganNeruskeun rarancang baheula, ngarah katémbong leuwih dinamis, kuring neplak kaca Tepas Wikipédia Indonésia, dirobah saeutik, sahingga jadi kieu. Pikeun artikel & gambar petingan, nété tarajé nincak hambalan, hayang nyobaan sabulan sakali heula. Ku kituna urang butuh minimal 12 artikel nu lumayan hadé. Aya nu boga usul? Ari gambar petingan mah kari milih baé ti Commons. --kandar 15:09, 11 April 2007 (UTC)
Okeh, ke urang pilihan deui. Kakara ge boga rencana, geus sibuk deui eung... heuheu... --kandar 01:15, 20 April 2007 (UTC) Cikeneh 'Tepas'na geus pindah rupa. Pami aya nu gaduh usulan atanapi rarancang nu langkung sae, mangga diantos pisan. --kandar 02:31, 26 April 2007 (UTC)
Ti minggu kamari, gambar petingan robah per minggu, dasarna mah kusabab henteu susah. Kari milihan ti gambar2 petingan, utamana ti Commons (ngarah gampil). Artikelna mah masih tetep bulanan... --kandar 07:16, 12 Juni 2007 (UTC)
Ngabelesat!Edaaaan!!!!! Sapeuting nambahan 600-artikel! Nuhun ka para dalang.... bot! heheh.... --kandar 01:15, 20 April 2007 (UTC)
Satuju pisan, malah mun perlu mah sakalian kuncenna tambihan (Kang Budhi atanapi Kang Tedi?). Kumaha tah carana ngajukeun birokrat? --kandar 09:24, 7 Méi 2007 (UTC)
Kang Kandar, sok enggal ka meta atuh. Di ditu ditaroskeun nya Kang Iwan nya. Da nu mundut Kang Iwan, ari nu dipangmundutkeun Kang Kandar. Sigana mah rada bingungeun Stewardna oge --Tedi 02:24, 15 Méi 2007 (UTC)
Wilujeng Kang Kandar!!! Mugia janten awalan nu sae kanggo Wikipedia urang --Tedi 00:10, 16 Méi 2007 (UTC)
Heheh... Muhun yeuh, hapuntenna bae. Kuring ayeuna keur ngadekul heula ngalihbasakeun talatah dina mediawiki. Ka dieu mah salangkung2 bae heula. Ke pami nu itu tos 90-100%, luncat deui ka dieu. Ngeunaan kaderisasi, kuring boga keneh harepan bisa ngayakeun kursus kilat tea, mung nyeta atuh... Ari kahayang mah nu ngayakeunana ti pihak luar, urang2 kari ngeusian, margi ari kudu urang2 nu nguruskeunana mah can kasiwer... --kandar 12:31, 18 Maret 2008 (UTC) Wikimedia Election NoticeIf you are able, please translate this notice to as many possible languages and post it anywhere applicable. The Wikimedia Election Committee is accepting candidates for the 2007 Wikimedia Foundation Board of Trustees election. Please see [1] for more information. There is still time for a new candidate to be considered for election, and you may now endorse the candidate of your choice (up to 3 candidates) on the endorsements page, [2]. Please read the instructions carefully prior to endorsing. If you can translate the instructions, please do. If you have any questions, please contact any member of the election committee, who are listed here [3]. Posted on behalf of the Election Committee, Galura sareng gelombangKang, naha sami kitu galura sareng gelombang? Naha leres narujul kana en:turbulence sareng en:wave? Upami sami, kedah dilereskeun. Pon kitu deui upami benten--Tedi 11:58, 16 Juli 2007 (UTC) Ceuk kamus koneng LBSS, galura téh hartina (1) (cai) motah, gedé ombak (laut) atawa (2) jugala, beunghar sarta rongkah usahana (jalma). Hanjakal teu aya rujukan nu sanés, kamus nu sanésna aya di rorompok. Tapi, sigana mah 'galura' anu aya ayeuna kirang pas nya, Kang? Numutkeun Kang Tedi kumaha? --kandar 01:15, 17 Juli 2007 (UTC)
Nyuhunkeun pencerahan. Tambih pouzzing yeuh --Tedi 03:42, 17 Juli 2007 (UTC) kang pami ngenaan tajali ulah dugika sagawayah sabab perkawis etamah teu tiasa ku dikira kira atanapi dilelebah teu cukup ku nyeerkeun dzikir khofi atanapi zikir lisan komo nyuntingmah tina buku/kitab etateh seer mung silib asa terang kanu dicarioskeun padahal mung di kira kira persis beo disada bari tengarti nu di bacana,tebih keneh kang mudah mudahan salira sing tiasa kalebah dinya(dulur nu jauh tapi deket ibarat urat jeng nadina) Ti obrolan hak ciptaDesa cijantung ayeuna geus ngabogaan lurah anyar nyaeta Bapa NURDIN ptra almarhun mantan kades priode dalapan puluhan
Preparation of Fundraiser 2007Hi, this is just a first introduction message to tell you: there is more to come. I am dealing with the Project Management of the Fundraiser 2007 and therefore will search for contacts of wikimedians who can help us to do our tasks on all projects. I am actually also building the structure for the fundraiser on Meta. We will need people who help to design buttons, translate texts of buttons, documents, sitenotices etc. Should you feel you want to co-operate please let me know. You can reach me on my meta user page or by e-mail at scretella (at) wikimedia (dot) org. If you wish to notify us that you would like to co-operate on translations, it would be nice if you used e-mail and copied the e-mail to me and Aphaia (aphaia (at) gmail (dot) com). Thank you for your attention and I hope to meet you soon! Cheers :-) -- 4 September 2007 Sabine Pikeun narjamahkeun istilah AsingAmbéh rada 'seragam', sigana urang kedah sawala ngeunaan 'pedoman' atawa 'aturan' pikeun narjamahkeun istilah asing. Usulan ti sim kuring: Aturan ngabentuk istilah + éjahan anu salami ieu dianggo ku pribadi. (Rumaos teu acan diseminarkeun :-).
Kamus basa Sunda anu kapendak di Toko Gramedia diantawisna:
Tambihan ti kang Asep Hadiyana:
DiN 12:54, 2 Désémber 2007 (UTC).
Sajabi ti éta, aya ogé Kamus Umum Sunda-Inggris Inggris-Sunda karya Dwi Nugroho sareng Surayin. Kamus Bahasa Sundu Kuno – Indonesia (KBSKI) karya Elis Suryani N. S. sareng Undang Ahmad Darsa ogé saé kanggo milarian padanan kosa kecap dina widang téknologi. Contona, dumasar KBSKI, kecap wahana wiyati tiasa dianggo kanggo narjamakeun kapal terbang. Airline atanapi airways tiasa ditarjamahkeun janten pusahaan galur wiyati atanapi pausahaan marga wiyati tibatan ditarjamahkeun janten panghiberan (asa aneh); basa Sunda tidak mengenal imbuhan pang-an. Kecap success tiasa dipadankeun sareng kecap wipaka. Seueur kecap-kecap basa Sunda kuno kawénéhan dina pagelaran wayang golek, janten saleresna mah henteu anéh. Urang waé anu tara nganggo atanapi tara ngadangukeun wayang anu ngaraos asing.--Hadiyana 03:22, 8 Désémber 2007 (UTC) Duh, geuningan nya. Pamendak simkuring:
Mangga ah, kirang langkungna nyuhunkeun hapunten--Tedi 15:04, 8 Désémber 2007 (UTC)
Leres pisan, perkawis ngarunday kecap nganggo rarangkén ka--an sareng rarangkén pa-an parantos kawéntar minangka hiji masalah anu lumayan sesah. Duanana tiasa dianggo 'ngabarangkeun' kecap pagawéan atanapi kecap sipat. Nanging masalahna aya dina ngamaknaan kecap rundayan anu diwangun ku dua rarangkén barung éta. Hartos kecapna tiasa bénten-bénten gumantung ka anu pangheulana nganggo kecap rundayan éta. Abdi kungsi kénging pituduh siga kieu:
|