|
|
Wikipedia:Log pamaké anyarWilujeng sumping! Mun anjeun anyaran datang ka ieu komunitas, mangga tuliskeun pangwanoh ngeunaan diri anjeun na kaca ieu, tong asa-asa. Pangpentingna, naon anu jadi interés anjeun, widang garapan anjeun, jeung dina jejer naon (utamana) kontribusi anjeun ka Wikipédia. Hal ieu penting pikeun kami sangkan bisa ngabantu anjeun dina rék prakna ngédit. Kami ogé hayang nyaho, ti mana anjeun uningan ngeunaan Wikipédia.
[édit] kandarSampurasun! Sim kuring sabenerna mah lain pamaké anyar, tapi keun baé, pikeun ngalalanyahan & nyontoan. Kuring kapeto jadi kuncén di Wikipédia Sunda ieu, gabung di Wikipédia geus sataun leuwih. Widang interés kuring nyaéta élmu alam sacara umum, hususna kimia, sajarah, jeung kasundaan. Sakitu baé, permiosss. kandar 07:10, 13 Méi 2005 (UTC) [édit] ArifulPunten ka para dulur, kuring hayang ngiluan kana ieu situs (atanapi naon lah punten kuring can pati apal kana istilahna). Kuring karek apal yen aya situs sunda nu sakieu loba beja jeung pangaweruh, kuring apal kana ieu situs teh tina koran sunda "Galura" edisi juli 2005. Ngarang Kuring Teh Moh Ariful Rahman, nganjrek di Bojongkoneng Bandung, kalahiran tahun 1963-an. Interes kuring mah kana sarupaning kasundaan weh lah (punten teu bisa diwincik da puguh rada bingung). Timpah nuhun sateuacannya saupami sim kuring ditampi dina ieu komunitas. [édit] Nepangkeun.Ass wr wb. Hapunten anu kasuhun, pribados nembe lebet kana ieu situs Wikipedia, hatur nuhun kana panampianana anu sakitu darehdeh sareng someahna. Ku naon pribados lebet kana ieu situs, kumargi ngaraos ajrih ku ayana ieu situs,khususna dina maasalah kasundaan. Anu ti palih wetan malih parantos tiasa nganggo bahasa anjeuna dina situs Geogle, hapunten upami ngabejaan bulu tuur, anu utamina iraha sunda bade sapertos kitu. Eeh hilap ngecemreng we pribados teh, ari KTP na mana?, pribados teh dipasihan wasta ku Ibu teh Prihatna Kusumah, borojol ka ieu dunya ping 17 Juli 1945 cenah. Ari pangaresep teh kana lagu Sunda, komo karya Mang KOKO mah, kumargi kitu manawa sareng manawi aya saderek urang anu gaduh koleksi Mang KOKO, pribados peryogi kanggo ngalengkepan koleksi pribados. sakitu bae heula, engkin disambung deui kenging henteu?, hatur nuhun [Senen 8 Oktober 2007] [édit] NepangkeunSampurasun, sim kuring karak hiber ka wikipedia sunda ti Pakwan. Niat mah rek ulubiung mere kontribusi tapi sigana mah diajar ngapung heula, ngalayang lebah mana rek euntreup. Hatur nuhun ka Kang Kumi saparakanca nu nanjeurkeun wikipedia sunda. Cag, Japak Pakwan. [édit] Ilham NSampurasun! Lur, kuring aya ku reueus jadi nurang Sunda, yuu atuh ayeuna mah urang leubeutan pangaweruh kasundaan téh.Kuring mah ngiring aub kana widang seni,tradisi,karawitn, budaya, aksara jeung basa. Muga mangpaat lur!Cag.125.163.85.109 14:20, 29 April 2008 (UTC) |