Kotak parabotBasa séjén
|
Matematika
Euclid, Matématikawan Yunani, abad 3 sateuacan Taun Maséhi, digambar ku Raphael dina The School of Athens.[1]
Matématika (dina basa Inggris disebut, mathematics atawa math) nyaéta élmu pangaweruh anu museurkeun dirina dina konsép-konsép sarupaning kuantitas, struktur, rohang, katut parobahan, sarta mangrupa widang akademik anu maluruhna. Benjamin Peirce nyebutkeun yén matématika téh "élmu nu ngahasilkeun kacindekan nu diperlukeun".[2] Praktisi matématika séjénna nyebutkeun yén matématika téh élmu ngeunaan pola, sarta matématikawan téh tukang néang atawa nalungtik pola-pola anu aya dina wilangan, rohang, sains, komputer, gambaran abstrak atawa di mana waé ayana.[3][4] Matématikawan ngéksplorasi konsép-konsép éta pikeun ngarumuskeun konjéktur-konjéktur atawa téori-téori anyar sarta mengkuhkeun bener-henteuna ku cara déduksi nu kukuh tina pilihan aksioma tur définisi nu jelas tur cocog.[5] Ku cara abstraksi jeung nalar logis, matématika kabangun tina prosés ngitung, ngukur, sarta studi bentuk (en:shape) sacara sitematis jeung usikna banda-banda fisis. Pangaweruh tur pamakéan matématika dasar geus lila jadi hal anu inhéren sarta ngahiji dina kahirupan, boh kahirupan saurang atawa kelompok. Prosés nyampurnakeun idé-idé dasar katémbong dina téks-téks matématis nu asalna ti Mesir kuna, Mésopotamia, India kuna, Cina kuna, sarta Yunani kuna. Argumén nu kukuh kasampak dina tulisan Euclid Elements. Matématika terus mekar sanajan rada reup-reupan (en:fitful) nepikeun ka jaman Rénésans dina abad 16, harita inovasi matématika pinanggih jeung timuan-timuan sains, nu nyababkeun panalungtikan jadi ngagancangan, nerus nepikeun ka kiwari.[6] Kiwari, matématika dipaké di rupa-rupa widang sakuliah dunya, élmu alam, rékayasa, ubar, sarta élmu sosial contona ékonomi. Matématika terapan dina widang-widang kasebut, bisa ngilhamkeun timuan-timuan matématis anyar sarta sakapeung nyababkeun mekarna widang anu anyar pisan. Matématikawan ogé aya nu museurkeun usahana dina matématika murni anu awalna tanpa mikirkeun terapkeuneunana, tapi kahareupnakeun sok aya waé anu bisa diterapkeun.[7]
[édit] ÉtimologiKecap 'matématika' (Yunani: μαθηματικά or mathēmatiká) asalna téh tina basa Yunani kuna μάθημα (máthēma), anu hartina diajar, nalungtik, sains, anu saterusna boga harti nu ngaheureutan sarta leuwih téhnis "studi matématis", saprak di jaman klasik kénéh. Kecap sipatna nyaéta μαθηματικός (mathēmatikós), anu hartina hal anu pakait jeung diajar, atawa studious, anu sigana nerus miboga harti matématis (en: mathematical). Harti husus lainna μαθηματικὴ τέχνη (mathēmatikḗ tékhnē), dina basa Latin ars mathematica, nu hartina seni matématis. Dina basa Inggris,mathematics mangrupa 'noun' (kecap barang), nu mindeng disingget jadi math di Amérika Kalér atawa maths. Mun ceuk barudak sakola urang, matématika téh sok disebut ogé maté. [édit] Ihtisar jeung sajarah matematikaPikeun leuwih lengkep, tempo artikel sajarah matematik. Disiplin utama dina matematik nyelengceng tina kabutuh nyieun rupa-rupa itungan dina widang bilintik/usaha, pikeun ngukur taneuh jeung pikeun ngira-ngira kajadian-kajadian astronomis. Tilu pangabutuh ieu sacara kasar bisa dipatalikeun ka rupa-rupa bagbagan matematik nu lega kana ulikan struktur, spasi (rohangan), jeung parobahan. Ulikan ngeunaan struktur dimimitian ku wilangan, mimiti nu geus pada mikawanoh wilangan natural jeung wilangan buleud sarta operasi aritmatikna, nu dicatetkeun dina aljabar dasar. Sipat wilangan nu leuwih jero diulik dina tiori wilangan. Panalungtikan ngeunaan métode-métode pikeun ngudar/meupeuskeun persamaan ngawujud jadi widang aljabar abstrak, nu, di antara nu séjén, ngulik rings jeung fields, struktur nu ngajabarkeun sifat-sifat nu dipibanda ku angka-anka anu geus umum. The physically important concept of vectors, generalized to vector spaces and studied in linear algebra, belongs to the two branches of structure and space. Ulikan ngeunaan rohangan dimimitian ku géometri, kahiji géométri Euclid jeung trigonométri dina rohangan tilu diménsi, tapi kadieunakeun dijieun leuwih umum ku ulikan non-Euclidean geometries nu ngabogaan pangaruh nu utama dina general relativity. Sababaraha masalah klasik ngeunaan ruler and compass constructions ahirna bisa dijawab ku Galois theory. Widang modern ngeunaan differential geometry jeung algebraic geometry ngalegakeun geometri ka arah anu rada beda: geometri differensial nekenkeun konsep fungsi, fiber bundles, derivatives, smoothness jeung arah, sedengkeun aljabar geometri naliti wangun geometri anu dijieun tina jawaban sasaruaan (persamaan) sakumpulan polynomial. Group theory naliti konsep simetri sacara abstrak jeung mere kaitan antra ulikan rohangan jeung ulikan struktur. Topology ngaitkeun ulikan rohangan jeung ulikan parobahan ku alatan nekenkeun kana konsep continuity. Bisa ngarti jeung ngajelaskeun parobahan dina kuantitas nu ka ukur mangrupakeun salah sahiji tema elmu alam. Kalkulus mangrupakeun salah sahiji alat nu utama pikeun ngajelaskeun eta perkara. Konsep nu utama pikeun nerangkeun parobahan variabel nyaeta ku konsep fungsi. Loba masalah anu bisa diterangkeun sacara alami ku kaitan antara kuantitas jeung laju parobahannana, metoda pikeun ngajawab hal ieu di ulik dina widang differential equations. Wilangan anu dipake pikeun nerangkeun kasinambungan kuantitas nyeta wilangan real numbers, ulikan nu taliti ngeunaan sifat wilangan real jeung fungsi nu ngabogaan niley real disebut real analysis. Ku sababaraha alesan, wilangan real perlu dilegakeun ka complex numbernu di ulik dina widang complex analysis. Functional analysis nekenkeun ulikanna kana(typically infinite-dimensional) rohangan fungsi, nu mere dadasar pikeun quantum mechanics diantaran nu sejenna. Loba kajadian di alam nu bisa dijelaskeun ku dynamical systems jeung chaos theory ngurus sistim anu kalakuanna mengpar tina kalakuan nu galib. Ku perluna ngajentrekeun jeung naliti dadasar matematik, widang tiori set, logika matematik jeung tiori model dikembangkeun. Nalikakomputer mimiti katimu, sababaraha konsep tioritis anu utama diwangun ku matematikawan, nu ngalahirkeun widang tiori itungan, tiori itungan komplek, tiori informasi jeung tiori informasi algoritma. Loba pamasalahan ieu nu ayeuna di taliti dina widang sain komputer tioritis. Matematik Diskrit nyaeta ngaran anu galib pikeun widang matematika anu kapake dina elmu komputer. Salah sahiji widang anu penting dina matematika terapan nyaeta statistik, nu ngagunakeun tiori kamungkinan pikeun jadi alat nu mampuh nerangkeun, nganalisis jeung nyawang kajadian-kajadian nu bakal tumiba. Elmu ieu dipake ampir ku sakabeh elmu alam. analisis angka naliti metode anu efisien mecahkeun(meupeuskeun???) rupa-rupa masalah matematika sacara numerik ngagunakeun komputer dimana kasalahan ngitung oge dipertimabangkeun. [édit] Jejer-jejer na matematikDi handap ieu béréndélan subwidang jeung jejer-jejer nu ngagambarkeun salasahiji sawangan organisasional matematik. [édit] KuantitasSacara umum, jejer jeung pamendak némbongkeun ukuran-ukuran éksplisit ukuran wilangan atawa sét, atawa cara-cara pikeun manggihan pangukuran-pangukuran nu sarupa.
[édit] ParobahanJejer-jejer di handap méré jalan pikeun ngukur parobahan dina rumus matematis jeung parobahan antarwilangan.
[édit] StrukturRangkadak dahan matematik nu aya di handap nangtukeun ukuran jeung simétri wilangan, sarta rupa-rupa wangun.
[édit] SpaceThese topics tend to quantify a more visual approach to mathematics than others.
[édit] Matematik DiskritSuch topics deal with branches of mathematics with objects that can only take on specific, separated values.
[édit] Matematik terapanWidang-widang di handap nerapkeun pangaweruh matematik dina masalah-masalah kahirupan nyata.
[édit] Famous theorems and conjecturesThese theorems have interested mathematicians and non-mathematicians alike.
[édit] Important theoremsThese are theorems that have changed the face of mathematics throughout history.
[édit] Foundations and methodsSuch topics are approaches to mathematics, and influence the way mathematicians study their subject.
[édit] Sajarah jeung jagat matematikawan
[édit] Matematik jeung widang séjénna[édit] Mathematical coincidences[édit] Pakakas matematisHeubeul: Anyar:
[édit] QuotesReferring to the axiomatic method, where certain properties of an (otherwise unknown) structure are assumed and consequences thereof are then logically derived, Bertrand Russell said:
This may explain why John Von Neumann once said:
About the beauty of Mathematics, Bertrand Russell said in Study of Mathematics:
Elucidating the symmetry between the creative and logical aspects of mathematics, W.S. Anglin observed, in Mathematics and History:
[édit] Mathematics is not...[édit] Bibliografi
[édit] Tumbu kaluar
|